Sabtu, 26 April 2008

Heureuy Sunda

Sarua jeung iklan coca-cola,kapan sajah,dimana sajah, lamun sakadang tunduh datang, teu karasa panon ujug-ujug rapet, lir dielem aibon. Teu paduli keur nyanghareupan persiden ari panon geus tunduh, teu walakaya kudu maksakeun beunta. Enya mimiti mah kawas nu heueuh ngaregepkeun naon anu diomongkeunana, sirahna tungkul kawas nu husu, lila-lila ngulahek kagigir atawa ngalenggak tanggah nyanghareupan lalangit. Irung jeung ceulina mah tetep nyaring, malah perkara anu keur dibahas sok jadi bahan impian.

Keur rapat atawa keur ngabandungan hotbah rawan pitunduheun mah, komo anu dipedarna kurang menarik, nu ngocoblak dihareup, asa mepende pisan. Nu gigireun nundutan, nu dihareup lelenggutan, kitu oge nu ditukang, malah siga nu keur pasanggiri patarik tarik kerek. Hudang-hudang lamun aya nu noel atawa kagareuwahkeun ku sora nu qomat, kalan kalan ngorejat hudang bakating ku jempling, da rapatna geus bubaran.

Gara-gara tunduh tarang sok jadi korban, geus teu kaitung jalma nu tidagor kana monitor atawa buncunur ngadupak tuntung jok beus, nu can kabejakeun teh tidagor kana tarang wanoja, da enya atuh mun keur reureujeungan jeung wanoja pitunduheun teh tara aya, paling-paling pura-pura tutunduhan. Kanu sok mawa kandaraan diharamkeun pisan nundutan, najan kabeh panumpang katut kondektur-kondekturna narundutan, ari supir mah ulah pipilueun nundutan. Loba kacilakaan dijalan tol, lolobana alatan supir nu elodan, elodan pipilueun nundutan.

Cenah ubar tunduh nu mujarab teh taya lain ngaroko atawa nginum cikopi, tampolana ku nginum suplemen ge sok cenghar. Tapi piraku keur nyanghareupan persiden nek ngepluk udud kuriak curuk persiden tutunjuk. Atawa keur ngabandungan hotbah jumaahan bari nyuruput cikopi. Aya aya wae! Enya, teu ngabibisani lamun nundutan keur hotbah jumaahan teh asa pelem pisan. Ceuk Bang Haji mah itu perangkap setan. Jadi lamun masih keneh aya nu nundutan. Terlalu!

Sok ngadadak ambek lamun mirengkeun dina pintonan tipi aya anggota dpr keur sidang aya nu nundutan. Dina hate kontan ngutupruk bari nyebutkeun nurustunjung! Tapi teu ngabibisani ketah, lamun kuring jiga manehna, boa sarua nundutan oge, nek teu nundutan kumaha, rohangan ac nyecep, pikiran teu baluweng mikiran pangabutuh, beuteung seubeuh, duit weuteuh, pamajikan reuneuh, nek naon deui! Beda jeung buruh pabrik, anu sapopoena jadi operator mesin, tong boro dibawa nundutan dalah dibawa ngalamun ge hasil pagawean teu maksimal, malah bisa bisa raga jadi korban. Sedengkeun panghasilanana, jauh tanah kalangit mun dibandingkeun jeung gajih dpr anu sok nundutan waktu keur sidang.

Lain teu meunang nundutan, da nundutan ge kaasup hak asasi, ngan meureun kudu bisa nempatkeunana. Bari nyarande kana tangkal, angin ngahiliwir nebak raga, hawar-hawar sora suling ngagelik, tah mangsa kieu nu pas pikeun nundutan mah, lain keur sidang pleno, lain keur rapat jeung persiden, komo deui keur hotbah jumaahan. Geus ah, asa bau bau tunduh ieu teh, nek nundutan heula ah bari nangkeup monitor.

Tidak ada komentar: