Kamis, 01 Mei 2008

Carita lucuu...

Kacaritakeun….

Aya hiji jajaka muslim nu teu Juma'ahan. Manéhna kalahka ka leuweung rék moro hayam leuweung. Keur keketeyepan dina jukut nu jarangkung jeung bala, ujug-ujug papaliwat jeung sakadang Maung nu keur saré. Bakatku reuwas, bedilna murag kana jungkrang. Manéhna labuh, ngagedebru pas pisan diluhureun batu… Kraakkkk! Dua sukuna potong…

Ieu mah lain béja goréng. Tapi goréng béjana nyaéta sakadang Maung nu tadi keur saré hudang tuluy nyampeurkeun jiga nu rék ngahakan, mangkaningan manéhna geus teu bisa walakaya.

Ya Allah,” éta jajaka ngadu'a,

Hapunten sagala dosa perdosaan kuring pédah teu Juma'ahan dina poé Juma'ah nu mulya ieu…

Hapunten ya Allah, jantenkeun ieu Maung nu ngudag kuring, janten Maung nu soléh… Tulung ya Rab…! Amiiin….

Sakedét nétra aya sora ngaguruh! Sakadang Maung ngarandeg hareupeun pisan éta jajaka.... Dua sukuna nu hareup dikaluhurkeun bari nyarita,

Allaahumma baarik lanaa, fiimaa razaqtanaa, wa qinaa adzaabannaar. Amin!